1 Raja-raja 5
Raja Hiram ti nagara Tirus mitra Daud. Ngadangu Suleman jadi raja neraskeun tahta Daud ramana, anjeunna ngintun utusan.
Suleman ngabalesan, saurna,
"Sakumaha Sang Raja uninga, pun Bapa Daud jenatna teu tiasa prak ngadamel gedong sembahyang haturkeuneun ka PANGERAN Allahna, balas digoda ku perang ngalawan musuh ti nagara-nagara sakurilingeunana, dugi ka eta musuh-musuh teh areleh kalayan pitulung PANGERAN.
Dupi sim kuring, kalayan rahmat PANGERAN Allah panutan, pinareng tiasa jongjon, kerta sakuliah nagara, suwung musuh, ti luar taya nu baris narajang.
Ka jenatna pun bapa kapungkur PANGERAN parantos ikrar, timbalana-Na, ‘Gedong pikeun Kami teh engke dijieunna ku anak maneh, anu ku Kami bakal dijieun raja gaganti maneh.’ Sim kuring parantos gilig bade ngadegkeun eta gedong paranti sembahyang ka PANGERAN Allah sim kuring.
Ku margi eta seja nyuhunkeun pitulung, nyuhunkeun jalmi-jalmi, kangge mangnuarankeun kayu kiputri ti Libanon. Tangtos engke dibantuan ku jalmi-jalmi sim kuring, sareng jalmi-jalmi ti Sang Raja tangtos ku sim kuring dibayar sakumaha pamundut. Sang Raja langkung uninga, jalmi-jalmi sim kuring kirang tariasa nuar kai sapertos jalmi-jalmi Sang Raja."
Raja Hiram kacida sukaeunana nampi pamundut Suleman. Pok ngalahir, "Sagala puji poe ieu ka PANGERAN, anu ka Daud geus maparin putra sakitu pinterna, gegentos ngarajaan bangsa anu sakitu gedena."
Raja Hiram ngintunkeun waleran ka Suleman, "Amanat Jeng Rayi parantos katampi. Sapamundut Jeng Rayi perkawis kayu kiputri sareng kijamuju sumeja dicumponan, tangtos disayagikeun.
Kayu-kayu golondonganana baris diturunkeun ti gunung Libanon ka laut, dibeungkeut didamel rakit-rakit, diteraskeun jalan laut dongkap ka basisir anu parantos ditangtoskeun ku Jeng Rayi. Sadongkapna ka eta basisir, beungkeutanana bade dipangmukaankeun, kantun dikunjalan ku jalmi-jalmi Jeng Rayi. Ti pihak Jeng Rayi disuhunkeun supados maparin bahan dahareun ka jalmi-jalmi ti Akang."
Geus kitu Hiram ka Suleman mere kai kiputri jeung kijamuju golondongan sakumaha anu dipikahoyong ku Suleman.
Sabalikna Suleman saban taun ka Raja Hiram ngintun 322.500 kilogram gandum jeung 4.400 liter minyak jetun murni pikeun jalma-jalmana.
PANGERAN ngalaksanakeun jangji-Na ka Suleman, maparin kapinteran. Hiram jeung Suleman nepi ka sosobatan.
Ti dinya Suleman ngerid tilu laksa jelema ti sakuliah Israil sina digarawe,
dikapalaan ku Adoniram. Ku manehna anu digarawe teh dibagi tilu rombongan salaksa-salaksa. Tiap rombongan digawekeunana sabulan di Libanon, dua bulan pikeun di imah.
Jaba ti eta Suleman ngagawekeun dalapan laksa jelema sina ngaralian batu di gunung-gunung, jeung tujuh laksa tukang nanggungna.
Mandorna aya tilu rebu tilu ratus urang.
Suleman miwarang ngadungkaran batu-batu galede pikeun pademen Bait Allah.
Geus kitu jelema-jelema Suleman, jelema-jelema Hiram jeung dibarengan ku jelema-jelema urang Gebal, mimiti ngararancang kayu jeung batu baris ngadegkeun Bait Allah.